Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh
Alhamdulillah Wassukru ala niamilah. Wassolatu Wassalam ala Rosulillah. Wa Ala Alihi Wa Sohbihi Wa maw walah amma ba’du
Girang pangajeng anu ku sim kuring dipihormat, Bapa miwah ibu guru anu ku sim kuring dipihormat, rerencangan sadaya anu ku sim kuring dipikameumeut.
Langkung tipayun mangga urang panjatkeun puja sinareng puji ka dzat Illahi Robbi, anu parantos nakdirkeun urang sadaya, tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu kasempatan anu sakieu mulyana. Mudah-mudahan Allah SWT tetep masihkeun pitulung sareng taufik-Na ka urang sadaya, dugi ka urang tiasa nyuprih hikmah, padilah sinareng manfaat, tina ieu acara sareng pamaksadan. Hadirin anu mulya, Alllah parantos ngagelarkeun makhlukna, tegesna umat manusa, kalayan rupi-rupi ras, bangsa, suku, sinareng golongan. Masing-masing ras, bangsa, sareng suku teh aya dipirang-pirang tempat sareng wilayah anu beda, ngagaduhan adat, budaya, bahasa sareng kabiasaan sewang-sewangan. Didawuhkeun dina kitab-Na, sadaya eta teh sangkan tiap-tiap bangsa, ras sareng suku teh silih kenal, silih hormat, jeung silih ajenan.
Litaarofu, kitu didawuhkeun dina Al-Qur’an!
Hadirin anu mulya, budaya anu tumuwuh di masing-masing bangsa sareng suku bangsa bangsa teh ngajenggelek jeung ngawujudna nyaeta dina basa, kasenian, pakean sareng adat kebiasaan sanesna. Sajaba ti eta, aya budaya anu langkung linuhung nyaeta budaya anu ngajenggelek dina wujud elmu pangaweruh, teknologi sareng anu sanesna.
Urang sadaya salaku warga hiji suku bangsa, nyaeta suku sunda, kawaris ku para karuhun, hiji budaya nyaeta budaya Sunda. Kakoncara budaya anu linuhung, anu rembeuy ku seni anu luhur ajenna, waditra anu dipikawanoh ku sakumna jalma saperti angklung, kacapi, sareng sajabina. Seni sora anu kakocap ka manca nagasa saperti seni degung, kawih sareng cianjuran, diwuwuh ku alam anu endah, hejo lembok sugih mukti, subur tutuwuhan, beunghar pepelakan, eta sadayana anugrah ti Allah SWT kanggeurang sadaya, seuweu siwi pajajaran.
Hadirin anu mulya, nya kawajiban urang sadaya ayeuna, nyaeta ngamumule, miara, ngajaga ngariksa sakumaha budaya warisan karuhun tea. Patarosanana kumaha carana urang ngajaga sinareng ngariksa budaya urang sunda?. Pamendak sim kuring mah, kahiji urang sadayasing rajin diajar, khususna tina rupi-rupi materi anu aya patalina sareng budaya sunda. Urang sing wanoh, sing kenal kana budaya sunda. Kadua, urang sing heman, sing nyaah kana budaya urang, kana basa sunda umpamana, urang kudu rancingeus bisi aya batur anu ngaruksak kana basa sunda, anu nyarita ku basa sunda tapi teu puguh alang ujurna, sunda lain malayu lain. Urangna sorangan deuih ulah mirucaan nyarita basa sunda bari teu kantenan undak usukna. Pon kitu deui kana kasenian asli sunda, aya paribasa jati kasilih ku junti. Degung, kawih kahihilapkeun da moho teuing kana dangdut elektunan.
Mudah-mudahan, ti ayeuna kapayun aya kereteg dina manah urang sadaya, hoyong ngamumule, ngajaga sinareng ngariksa budaya sunda, budaya urang sadaya, Amiin.
Sakitu anu ka sanggakeun pamungkas pihatur, agung cukup lumur jembar pangampura, tina sadaya kakirangan sareng kalepatan.
Wabillahi Taufik Wal Hidayah
Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh
28 comments
makasih ea udah bantu tugas sekolah saya,,^_^
makasih yaa atas bantuannya 🙂
Kalau Bisa Pake Cangkang Sundanya yak.,.,Tapi Gx Apalah Yang Penting Kamu Sudah Bantu Saya,.,.^_^
makasih bgt,,, soalnya aku kurang ngerti sama pelajaran ini
kalu bisa pake pantu ea biar sempurna .
alhamdulillah,, tugas sim abdi tiasa rengse ku ningali conto biantara iieu
,, hatur thankyou
Ada yg tentang acaran sukuran ngak?
y,,,alhamulillah.. nu penting mah tugas abdi rengse, hulu rang teh teu mararenit deui mikiran tugas nu hiji yeuh…..
geus pokona mah kitu we lah!!! tararengkyu for all……….
mks y ak kbantu dngn adny ex biantara km, tlg produksi trus y ex2 biantara yng lain:-D
makasih ya 🙂 ini buat saya contoh bikin biantara b sunda….
makasihh,, ntar jadiin contoh..
hatur nuhun lah .parantos rengse tugas abdi.thankyou lah pko na mh .
bagus ni buat tugas sekolah gw
mxsii dah bNtu akuu nyls’n tgas sklahhh..
..soal’y klo bkin sndrii ga bsaa..
Adhuu,,, hLu kUriiNK AsA BcT BsUll sOaLdt’n NgeUs k pNgGih tUgass biiaNtara?,,-
ALHAMDULILLAH,,,,,bU nUnUnk I’m cOme,,,,-wewewewewewewewekkkkkkkkk
Thanks,, Tugas abe Selesai Juga
alah nuhun pisan, urg jdi teu hese ngerjakeun tugas. tinggal niron we kdieu . hahahhhahahaihihihihihihihiheheheheheheheheohohohohohohoho
nuhun ath nya hahahahahhahhhhhhooaoaoaooa
Atur Nuhun Biantarana, meuni ngabantu pisan…..???
FB : [email protected]
Nick name : Arya C’playboy Romantis
folow twiter : @kuya_cupu
makasih akhir nya tugas aku selesai jg
makasih buat biantaranya 😀
aduh ada yang lebih singkat lagi ga 😀
MAXSIH
makasihhhh kebantu bNGETTT….
bagus pidatonya w suka
cari yg kreativ lagi dnk
🙂
hatur nuhun baraya..
aduh betres
Alhamdullilah geus Ayy Eusi na.. wkwkwkwk
Jadii teu Kudu Di Push up Keun deui Wkwkwkwk. 🙂
thankss eaa udahk banthuin aqhue ngerjain tugas sxlah aqhue:D